Pages

Senin, 10 Juni 2013

Gerentes Hate


Gerentes Hate

Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan wae
Raga taya pangawasa
Mun kasasar nya lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan


Rumingkang di alam dunya rarasaan geus nurugtug turun,
mumunggang gunung umur geus kaliwat, sorangeun mo jauh deui,
bakal nepi kanu dituju sanajan can tangtu sapuk.

Lalampah sakitu panjangna, lumaku sakitu jauhna,
Loba titingalan, dedengean jeung rarasaan,
Jadi panambah ngawarnaan hirup kuring.

Najan lain sasaha jeung teu pernah kukumaha,
Sugan jeung sugan naon nu aya na diri,
mangpaat keur nu lian, sahanteuna keur kulawarga,
jeung anak incu.

mun di tulis.
Cag

Tidak ada komentar:

Posting Komentar