Pages

Sabtu, 20 Desember 2014

Aya Naon?

Sapuluh Juni 2013 nepi ka peuting ieu (janari leutik) 21 Desember 2014 lilana sataun genep bulan sabelas poe, tah sakitu lilana kuring teu nulis dina ieu blog. Ngamplengna teu mostingkeun tulisan bisa jadi ngan saukur salah sahiji ciri pola kagiatan nu biasa dipilampah salila ieu. Karasa loba sifat-sifat negatif nu napel nu hese pisan dipiceunna, nepika ngaganggu kana produktivitas, efektifitas gawe boh gawe dines atawa pribadi/kulawarga, nu akhirna susah pikeun ngahontal target tujuan nu geus ditangtukeun. Kabiasaan goreng nu aya na diri kuring : 
1. Sok nunda pagawean, 
2. Teu bisa rutin milampah hiji pagawean/bosenan/geledug ces. 
3. Teu jongjon / fokus waktu mereskeun hiji pagawean 
4. Loba macet (ngarasa hese jeung lila)dina migawe pagawean. 
5. Jeung sajabana.... (diingeut-inget heula) 

 Nepi ka hiji waktu mah mangsa tas sholat tahajud kuring ceurik nalangsa sabab ngarasa ripuh ngungkulan sifat-sifat goreng nu disebut di luhur. Uteuk karasa sering eror, macet, hese dibawa gawena jeung mikir beurat, rumit (baheula mah ngarasa teu kitu). Memang salah sahiji sifat kuring diantarana sagala pagawean teh hayang sampurna, alus pisan (perfectionis), sok sanajan ngan nurutkeun ukuran sorangan. ..........(Adzzan shubuh geus ngageroan pikeun madep ka Gusti nu Maha Suci, tunda heula ah......)   

(Urang tuluykeun...)  Akibat tina sifat "perfectionis" dibarung ku nurunna kamampuhan utek (lelet) loba ngakibatkeun stress dina nyanghareupan pagawean nu kudu rada mikir bari waktuna nyedek. Akhirna kadieunakeun mah nyobaan miceun sifat perfectionis tadi najan teu bisa sapinuhna,ngan geus rada ngurangan. Mun aya pagawean dipigawe samampuhna najan karasa masih kurang sampurna nya dianggap cukup nu penting bisa ditarima kunu nitahna atawa kunu menta laporan hasilna. Lumayan stres rada ngurangan. 

Nu keur dikeureuyeuh teh deui nya eta nyadarkeun diri yen gawe geus teu bisa gancang, tapi can dibarengan ku "gawe ngeureuyeuh", masih keneh loba nunda pagawean sabab katerap panyakit hoream. Nu matak maksakeun nulis deui postingan ieu teh taya lian dina raraga nyobaan rupa-rupa cara ngarah uteuk tetep aktif pikeun mikir najan nu hampang-hampang,bari hayang merangan sifat bosenan, teu bisa rutin. 

Cag, moal panjang-panjang heula, ieu mah sakadar nyadarkeun diri supaya ulah kajongjonan dina kabiasaan goreng, mudah-mudahan ti ayeuna mah blog ieu bisa karopea bari jadi sarana latihan. Sukur mun aya mangpaatna pikeun nu sempet maca, dina henteuna ge minimal teu matak jadi massalah. Cag.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar